Wednesday, December 28, 2016

Kumpulan Pupujian / Nazhoman Sebelum Adzan atau Sahalat dalam Bahasa Sunda

Sewaktu kecil waktu di Bandung, ketika orang tua menyuruh mengaji di masjid. Biasanya anak-anak pada semangat ke masjid sebelum adzan, yang saya alami bersama teman-teman waktu itu bukan karena ngajinya tapi karena mengumandangkan pupujian/ nazhoman menggunakan speaker di masjid agar suara kita bisa kedengeran. 

Pupujian/ nazhoman itu seperti syair yang dinyanyikan biasanya beriisi mengenai puja-puji, doa, nasihat, dan ajaran dalam ajaran Islam. Pupujian ini katanya pada awalnya hidup di lingkungan pesantren dan tempat-tempat pengajian yang memiliki hubungan erat dengan ajaran Islam. Terutama di kampung-kampung atau di pelosok kita masih mendengarkan alunan pupujian ini. 

Hal yang sama ketika saya tinggal di Cianjur karena pekerjaan, ketika mengikuti solat berjamaah di masjid-mesjid, saya sering melihat anak-anak kecil begitu semangatnya rebutan mic atau saling gantian sambil teriak-teriak mengumandangkan pupujian atau baca shalawat nabi. Apalagi Cianjur terkenal dengan kota santri, jadi waktu magrib, isya dan shubuh saya sering mendengar lantunan tersebut, saya menjadi terbawa ke masa lalu atau waktu kecil. Kemudian saya coba ingat-ingat kembali apa yang saya dengar dan saya coba kumpulkan sekaligus buat bahan saya ketika anak saya meminta. 


Do'a Nabi Adam

Robbana ya robbana
Dolamna anfusana
Wailam tagfirlana
Watarhamna lanakulana minal khosirin
Duh gusti pangeran abdi
Abdi dolim kana diri
Pami gusti teu ngahapunteun
Tangtos abdi
Janteun jalmi anu rugi

Gusti Ngahampura Dosa

Yaro bibil mustopa
Balig makol sidana
Wagpirlana mamado
Yawa siar karomi
Gusti muga kanjeng Nabi
Maksud abdi dugikeun
Dosa abdi hampura
Sipat nu berehan pisan.


Eling-eling Umat

Eling-eling umat
Muslimin muslimat
Hayu urang berjama'ah shalat maghrib
estu kawajiban
urang keur hirup di dunya
kanggo pibeukeuleun
Urang jaga di akherat
dua puluh tujuh
ganjaran nu berjama'ah
lamun sorangan
hiji ge mun bener fatihah


Kakuping suara adzan

Kakuping suara adzan
Di masjid ti kateubihan
Singhoreng teh ngawartosan
Ngajak solat babarengan
Ulah sok solat di imah
Salagi aya masjidmah
Pribumi atawa semah
hayu urang berjama'ah


Éling-Éling Duluh Kabeh

Éling-éling dulur kabéh
ibadah ulah campoléh
beurang peting ulah weléh
bisina kaburu paéh

Sabab urang bakal mati
nyawa dipundut ku Gusti
najan raja nyakrawati
teu bisa nyingkiran pati

Karasana keur sakarat
nyerina kaliwat-liwat
kana ibadah diliwat
tara ngalakukeun solat

Kaduhung liwat kalangkung
tara nyembah ka Yang Agung
sakarat nyeri kalangkung
jasadna teu beunang embung


Tobat Dosa

Ila hilas tulil pirdaus si ahlaa
Walaa akwaa alannaril jahiimii
Duh pangeran abdi sanes ahli surga
Namung teu kiat kanaraka teu ka duga
Lain tobat abdi the hampura dosa
Da gusti nu sok ngahampura dosa-dosa.


Niat Ngaos

Dupi nganiatan ngaos
Seueurna opat perkawis

Hiji niat karna Alloh
Ngalakonan paréntahan

Kaduana niat micen
Kabodoan awak abdi
Supaya janten salamet
Salamet dunya akhèrat

Katiluna pami tos timu
Niat badè dilakonan
Dilakonan ku sorangan
Sareng sadaya rèréncangan

Kaopatna niat ngaos
Ngahirup-hirup agami
Agamina kanjeng nabi
Nabi utusan ilahi

Robisysyroh lii shodrii
Wayassir lii amrii
Wahlul ‘uqdatan millìsaani
YafqoHu qoulii

Mugi Gusti ngajembarkeun
Ngalegakeun hatè abdi
Sing tiasa abdi nampi
Kana elmu anu suci

Sareng dipaparin cèkas
Émrès,ècés lisan abdi
Kana sadaya pituduh
Kanggo sadaya makhlukNA.


Kanjeng Nabi

Gusti urang sadayana
Kangjeng Nabi anu mulya
Muhammad jenenganana
Arab Qurés nya bangsana

Ibuna Siti Aminah
ramana Sayid Abdullah
dibabarkeuna di Mekah
wengi Senén dinten Gajah

Rabi’ul Awal sasihna
tanggal kaduabelasna
April bulan Maséhina
tanggal kaduapuluhna

Ari bilangan tauna
lima ratus cariosna
tujuh puluh panambihna
sareng sahiji punjulna

Siti Aminah misaur
waktos babarna kacatur
ningal cahya mani ngempur
di bumina hurung mancur

Babar taya kokotoran
orok lir kénging nyepitan
soca lir kénging nyipatan
sarta harum seuseungitan

Keur opat taun yuswana
diberesihan manahna
Nabi dibeulah dadana
Malaikat nu meulahna

Jibril kadua réncangna
Mikail jenenganana
ngeusikeun kana manahna
élmu hikmat sapinuhna

Tuluy dada Kangjeng Nabi
gancang dirapetkeun deui
sarta teu ngaraos nyeri
dilap ku hotaman nabi

Nuju tanggal tujuh likur
bulan Rajab nu kacatur
nurut kaol anu mashur
Kangjeng Nabi téh disaur

Dipapag ku Malaikat
nyandak burok nu kasebat
leumpangna téh cara kilat
tungganganeun Nabi angkat

Ti Mekah ka Bétal Makdis
teu nganggo lami antawis
ku jalma henteu katawis
kersana Gusti nu wacis

Ti Bétal Makdis terasna
naék na tangga kancana
mi’raj téa kasebatna
ka langit Nabi sumpingna

Tujuh langit sadayana
jeung Arasy nu pangluhurna
disumpingan sadayana
katut surga narakana

Kangjeng Nabi ditimbalan
ku Gusti nu sifat Rahman
anjeuna kudu netepan
salat muji ka Pangéran

Kabéh jalma anu iman
sami pada kawajiban
salat nu lima giliran
henteu meunang dikurangan

Salat éta minangkana
dina agama tihangna
jalma nu luput salatna
nyata rubuh agamana


Kautamaan Solat Berjamaah

Eling-eling ka jalma nu sok sarolat
Geuwat-geuwat masing gancang ka masigit
Supaya menang darajat berjamaah
Berjamaah anu tujuh likur tea
Arapalkeun ku sadaya umat islam
Arapalkeun ku sadayana umat islam
Ari solat gagancangan
Geus solat tara wiridan
Tara sunat-sunat acan
Nu kitu ajaran setan.


Umat Nabi dicawiskeun di Surga 7 Golongan

Umat Nabi dicawiskeun di Surga 7 Golongan
Kahiji para nonoman getol tobat kapangeran
Kadua jalmi berehan sodakoh teu ditembongkeun
Katilu nu unggal dinten sholat dhuha didawamkeun
Opat tukang berjamaah sanajan seuer kasusah,
leungit harta henteu nyaah najan tinggal berjamaah
Ari anu kalima na jalmi anu hapal Quran bari ngamalkeun isi na anu aya di Al Quran
Ari anu kagenep na jalmi anu tara zinah najan geulis nu ngagoda sieun kasiksa naraka
Ari anu katujuh na jalmi sok ngocor cipanon banget sieun ka pangeran dosa alit ditobatan.


Sarat Wajib Shaum

Ari sarat wajib saum
Sing apal heh sepuh anom
Aya lima hiji islam
Dua mukalap multalajam
Katiluna kudu kuat
Opat cageur teu madorot
Lima cicing teu angkat

Lalakon dua marhalat.


Kautaman Solat

Eling-eling ka jalma nu sok sarolat
Geuwat-geuwat masing gancang ka masigit
Supaya menang darajat berjamaah
Berjamaah anu tujuh likur tea
Arapalkeun ku sadaya umat islam
Arapalkeun ku sadayana umat islam
Ari solat gagancangan
Geus solat tara wiridan
Tara sunat-sunat acan
Nu kitu ajaran setan.

2 comments: